Aura Paranormal Wikipedia The Free Encyclopedia

Ditulis oleh: -

Aura Paranormal Wikipedia The Free Encyclopedia

Aura Paranormal Wikipedia The Free Encyclopedia,Nyaéta médan énérji anu ngurilingan sakumna matéri.Sing naon waé anu mibanda struktur atom bakal ngabogaan aura, médan énérji anu nyaputna.Atom unggal matéri diwangun tina éléktron-éléktron jeung proton-proton anu tuluy-tuluyan bagerak.Éléktron-éléktron jeung proton-proton ieu téh geteran énérji listrik jeung magnét.Atom-atom mahluk hirup leuwih aktip jeung gumeter tinimbang atom-atom dina barang paéh.Ku sabab kitu médan énérji tutuwuhan, sasatoan, jeung manusa leuwih gampang didétéksi jeung dialaman.Aura manusa nyaéta médan énérji anu nyaput sakujur jasmani.Aura ngurilingan di sakuliah jihat awak, aura sipatna tilu diménsi.
Dina individu anu séhat, aura ngawangun élips atawa lonjong endog di sakujur awak.[1] Di karéréaan jalma, aura bakal mencar tilu tepi ka opat méter di sakuliah awakma. Aura para guru kuno bisa manjang nepi ka sababaraha kilométer jauhna.[1] Eta sababna maranéhna bisa dipiajrih ku ‘pengikut-pengikutna’ dimana waé ayana.[1] Nu pangumumna dipikawanoh nyaéta halo (buleudan kudus) anu nyaputan para suhu jeung jalma-jalma suci, aura anu panggampangna ditingali ku karéréaan jalma.[1]

Ciri-ciri Aura:

  1. Unggal aura boga frékuénsi anu has.[1]
  2. Aura hiji jalma bakal tali-tumali jeung aura jalma lian.[1]
  3. Aura jelema bakal tali-tumali ogé jeung sasatoan, tutuwuhan, mineral, jeung médan énérji liana.[1]
  4. Mingkin raket hubungan hiji jalma jeung jalma/ matéri séjén, bakal mingkin gedé inténsitas tali-tumalina énérgi.[1]
  5. Aura nuduhkeun jihat fisik, émosi, mental, jeung rohaniah hiji jalma.[1]

Ningali Aura

Ningali aura leuwih mangrupa masalah jasmaniah tinimbang métafisik.[1] Sing saha baé ogé bisa diajar ningali aura.[1] Hiji jalma sina nangtung 50 cm hareupeun latar bodas biasa.[2] Éta jalma sina santéy, narik napas jero.[2] Sangkan bisa ningali kalawan hadé urang kudu nangtung kira-kira anggang tilu méter tur cahayana tong caang teuing.[2] Tingali ngaliwatan sirah jeung taktak éta jalma, bakal katingali kuluwung bodas samar-samar, atawa pérak kulawu ngurilingan sakujur awakna.[2] Katingali ampir-ampiran jiga aya lampu di tukangeun éta jalma anu ditojokeun ka luhur.[2] Bisa jadi dibutuhkeun waktu sababaraha kali.[2] Kakara katilu poéna bisa ditingali warna-warnina.[2] Tapi warna-warna naon?[2] Konéng atawa kayas warna munggaran anu sering katingali ti karéréaan jalma.[2].


 

0 komentar "Aura Paranormal Wikipedia The Free Encyclopedia", Baca atau Masukkan Komentar

Posting Komentar

Seorang blogger sejatinya selalu memberikan komentar yang terbaik serta membangun,terima kasih sobat atas kunjunganya.Sukses Selalu Blogger Indonesia